Mengenai Saya

Foto saya
Tasikmalaya, Jawa barat, Indonesia
Saya sebagai perintis perpustakaan pribadi "Tandziful Qulub" sejak Tahun 1998. Saya dibesarkan di Pondok Pesantren al-Khoeriyah kel.Ciherang Kec. Cibeureum Kota Tasikmalaya provinsi Jawa Barat. saya menyukai hal-hal yang berbau filsafat sejak dibangku Aliyah, dan buku pertama yang mengilhami dan yang pertama saya baca adalah Pengantar ilmu filsafat karya Jujun suryasumantri. Sejak saat itu saya belajar segala hal meski tidak terlalu dalam karena bagi saya ada satu ilmu yang perlu saya pelihara dan saya jaga yaitu, Ilmu Tauhid atau ilmu ketuhanan Islam sebagai ilmu pokok. Kegemaran membaca buku beraroma filsafat mampu mengguggah keinginan untuk memanifestasikan kitab sumber islam, yaitu al-Qur'an sebagai kitab sumber yang mampu dibumikan sebagimana buku Prof.DR.Quraisy Shihab.

Rabu, 17 Maret 2010

Angin (versi sunda)


Eling eling mangsa iling
Weningna angin
wenangna angen-angen
sawatara ngangin
mangsa pairing-iring
tur mangsa kacangking
nikmatna karasa tinu Maha Kawasa tur nu Maha Iling

Angin atawa bayu mampu muru sahulu atawa sarewu. Baheula mah sagala rupa dijadikeun elmu ku karuhun-karuhun urang. Tinekanan angin oge jadi elmu nu guna keur sagala rupa. timimiti dipolahkeun keur elmu olah raga tur teknologina. manusa nu elmuna geus nepi kana tingkat saefi angina, ceunah bisa ngapung ngalayang diawang-awang siga manuk bisa euntreup dina dangdaunan. kacirina teh hampang himping nepika bisa jadi sarana komunikasi tanpa alat komunikasi.
sugihna pangeran anu maha kawasa, maparin elmu kamanusa dina sabagaian ciptaanana, sakumaha unggelna dina al-qur'an bahwa Alloh swt ngaberjalankeun angin "watashrifi ar-riyah". kukituna dibalik eta Alloh nu maha kawasa ngingetan bahwa dina gunana angin kacida tohagana, sabab ku eta angin urang bisa cinekul mangsa hareudang, urang bisa enghapan tur hirup jeung hurip ku eta angin. aya paribasa O2 (oksigen) ceuk urang deungeun mah, eta teh angin anu biasa diange napas ku jalma keur netralisir awak jeung awak-awakan supaya seger bugar jeung balance. kubutuh-butuhna kana angin, mehmehan angin teh dibungkus dijadikeun sasadiaan keur jalma anu katibaan kasakit, nu disebut Tabung oksigen.
Sajaba ti eta angin oge bisa dijadikeun penghantar alat komunikasi nu kiwari terus dijajal nepika bisa dijual mahal. papak jeung sagala rupa nu aya didunya iwal di awang-awang anu hampa. Angin teh bisa ditasharufkeun ku manusa, nu kawilang hade, ti saprak dipanggihan ku karuhun-karuhun urang dugika dikembangkeun ku urang deungeun, angin bisa dijadikeun objek keur kabutuhan manusa.
sok sanajan kaayaan angin bisa nguntungkeun, sajaba ti eta angin bisa ngarugikeun dina mangsa angin ngeagelebuk dina kakuatan anu ngaleuwihan tina biasana, boh kapasitas tur frekuensina. di nagara urang oge geus ngarandapan musibah akibat tina angin teh, anu disebut angin puting beliung. nanging alhamdulilah teu dugi ka musibah angin puyuh atanapi tornado mah.
Aya oge sapalih pendapat ngungkapkeun bahwa anu bisa nyegah tina bahaya angin teh nyaeta tatangkalan jeung pepelakan anu jarangkung margi angin teh muter dina sirkulasi kadaharan tatangkalan (...???). kalih ti eta, angin atanapi sirkulasi angin tina tangkal tiasa ngahasilkeun angin anu disaurkeun tadi, nyaeta oksigen dina waktu beurang, anu alus keur pernapasan manusa. ngan peupeujeuh ulah keur waktu peuting mah margi eta ngabahayakeun pernapasan urang, sabab tatangkalan dina waktu peuting keur meumeujeuhna napas (nyedot) sanes ngaluarkeun, langkung ti eta nu kaluar tina tangkal dina waktu peuting teh karbondioksida nyedot oksigen. jadi sirkulasi tangkal dina waktu beurang jeung peuting benten. dina waktu beurang, tatangkalan nyedot karbonsdioksida diolah jadi ngaluarkeun oksigen, sawangsulna dina waktu peuting, tangkal nyedot oksigen ngaluarkeun karbondioksida anu teu sae kangge kasehatan manusa.
kukituna, dasar di dunya sagala rupa nu aya teh aya kauntunganana tur aya sisi nu ngarugikeunana, dalah kumaha urang nu jadi khalifah anu dipaparin kakawasaan ku nu Maha Kawasa keur ngelola sagala nu aya di alam dunya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar